Tradisi Sunda Wiwitan-Seren Taun


       Ciptagelar, hiji désa tradisional Sunda anu dicicingan ku 300 kulawarga ngagaduhan rupa keunikan. Di désa ieu, masarakatna masih ngalaksanakeun tradisi karuhunna, anu parantos turun ti 6 abad ka tukang. Masyarakat Kasepuhan Ciptagelar nganggap paré sapertos 'indung' dina kahirupan manusa, paré mangrupikeun kahirupan.
       Alam Gunung Halimun nu asri mawa kamakmuran kangge Kasepuhan Ciptagelar: sawah,  taneuh subur, cai nu ngalir sapanjang taun. 

       Aya kira-kira 7000 lumbung, Leuit sumebar di Kasepuhan. Kanggo warga Kasepuhan Ciptagelar,  paré sami sareng kahirupan. aranjeunna hormat sapertos indung dina kahirupan manusa.
       Ngaran Ciptagelar mangrupikeun rupa visi maju anu hartosna diciptakeun, ku kituna seueur masarakat énggal terang yén masih aya tatanén, budaya, adat sareng tradisi anu buhun dugi ka ayeuna. Kasepuhan Ciptagelar masih nuturkeun tunjuk karuhun dina ngalaksanakeun adat .
       Nujadi titipan karuhun nyaeta ngaseuk paré dina prosésna mung paré titipan karuhun, mun baris kolot nyarios mah aya 167 wanda paré asli ti karuhun nu masih diaseuk di kasepuhan. 
       Dina séri adat kahiji misalna, aya prosés ngaseuk atau melak paré, nu kadua aya prosés mipit atau panen, katilu aya nu namina nganyaran: ngasaan hasil panén ditaun eta, nu ka opat ponggokan atawa mere ruang batas kangge ulah waka tani sakaligus nyiapkeun acara pésta tatanén nu disebut seren taun. Jadi, seren taun téh nu jadi puncak acara kanggé masarakat ciptagelar. 

       Seren taun janten patokan yén tatanén mungkas dinu namina seren taun saacan dimimitian deui ku prosési turun nyambut. Seren taun ogé tiasa diartikeun siklus tatanén ti taun ka taun nu ditandaan ku acara seren taun. Seren taun tos dilaksanakeun 652 taun atau 652 kali.
       Kagiatan seren taun téh turun tumurun ti kapungkur, janten pusat kabeh acara adat ti taun ka taun. janten puncak acarana téh nyaéta seren taun. masarakat tos damel sataun disawah, dihuma kangge rasa syukur masarakat Ciptagelar nu ngayakeun acara seren taun sareng ngahaturan syukur hasil panen taun ieu. 
       Harepan masarakat adat kasepuhan Ciptagelar nyaéta buncir leuit loba duit. Mun leuitna mah masarakat masih buncir, ngan duitna can buncir. Janten ekonomina can stabil, taun payun panginten ekonomi warga kasepuhan Ciptagelar enya gé tebih ti kota, tiasa maju sareng adat istiadatna tambih kuat. 

Komentar